Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
38
  1. Datang ka měnang tjilaka, djalan ti di adjak maling, bandana bapa andika, toeloej maéhan sakali, bapa manéh koe kami, di těwěk datang ka roeboeh, tjoba hantě kitoe mah, kami měrěn awet tjitjing, di Kadiri makajakěn indoeng bapa.
  2. Eta kěr mangsa paséja, aja mata-mata ngintip, kabéh omongan si Krama, koe mata-mata kakoeping, toeloej poelisi indit, kaloewar ngadjakan batoer, nangkěp mas Kertasana, si Karama hantě kari, doewanana gěs pada di taralijan.
  3. Gěs asoep kana pandjara, doewa bangsat pada tjěrik, toeloej di priksa koe djaksa, sarta di toelis sakali, sanadjan pada moenkir, koe djaksa hantě di goegoe, toeloej bạé di bawa, ngaděhěs ka rad koeliling, doewanana měnang hoekoeman rad sambang.
  4. Ari poetoesan rad sambang, rangkét doewa poeloeh kali, di boewang ka tanah Bandjar, doewa poeloeh tahoen djangdji, doewanana tjarěrik, di toengtoen pating salěgroek katjatoer ěnggěs datang, ka Bandjar pada prihatin, di gawékén ngali batoe arěng téja.
  5. Pagawéjan hantě běrat, moenggoeh di noe gěs