Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
42

taja děi, ka djaba rék něktěk hoeloe, lain rék ngarah banda, ngan woengkoel rék ngarah pati, mawa hoeloe kěr némbongkěn kagagahan.

  1. Gěs adatna oerang dinja, djadi tandana lalaki, lamoen hantě mawa sirah, ngalamar gé sokdi tampik, kakara měnang kawin, koedoe gěs ngadjing-djing hoeloe, barang rét néndjo djalma, doewaän pating koeriling, dajak lima paboeroe-boeroe morowan.
  2. Kěrtasana djěng si Krama, doewaän loempat ngabětjis, pada asoep ka noe bala, njoempoet ka wahangan tjai, pada paboeni-boeni, koe dajak hantě katimoe, tina koe kasijěnan, pangnjoepoetna lěwih boeni, těñgah pěting si Krama djèng Kěrtasana.
  3. Ti lěwěng pada kaloewar, nanggeeh jén gěs pada balik, pada lěmpang toeroet těgal, njorang lěbak mapaj pasir, lěmpangna sapěpěting, toeroet lěwěng madjoe ngidoel, tjoe-tjoek hentě di rasa, datang ka waloengan tjai, toeloej ěrěn doewaän sisi waloengan.
  4. Tina gěs béjak tanaga, nahnaj hantě bisa indit, oeroet ti běrang di oedag, djěng soekoe koe tjoetjoek ěrih, djadi tě bisa oesik, djěng těnangan hajang njatoe, toeloej