Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
44

haréés tibra, dinoe bala sisi tjai, ka'jatoerkěn dajak anoe lima datang.


  1. Si Krama kěr héés tibra, koe dajak ěnggěs kapanggih, gantjang di těktěk hoeloena, Kertasana tě kapanggih, héésna dinoe boenie, djadi koe dajak kalaroeng, waktoena ěnggěs padjar, dajak gěs pada baralik, sa braj běrang Kěrtasana nělě Krama.
  2. Nangkoeban taja hoeloena, sarta boerah-baréh gětih, toeloej baé Kěrtasana, dijoek di gigirěn majit, ngalañgě bari tjěrik, roegah-rěgéh sěgrak-sěgroek, rasa kari sorangan, hantě aja batoer děi, mowal aja manoesa noe miro séja.
  3. Tina langěting nalangsa, kabéh lakoe lampah tadi, kěr mangsa manéhna boedak, di oegoeng di poesti-poesti, ti boedak manggih moekti, di adjen koe batoer-batoer, paké taja kakoerang, soetra sangkét poléng batik, ajěnamah ngan oekoer noetoepan orat.
  4. Ras ka iboe ras ka rama, kěr mangsana soegih moekti, běnghar taja kakoerangan, boemi gěbjog tihang djati, palataran di kěsik, di poengkoer loemboeng ngarijoeng, éta kabéh