Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
46

karasa, salahna manéh pribadi, hantě bisa noeloejkěn kamoektěn bapa.


  1. Tidinja mas Kěrtasana, malidkěn manéh ka tjai, tina hantě koewat nahan, kadoehoeng diri pribadi, djadi ihlas ka diri, hiroepgé gěs taja batoer, papag koe boehaja, gěs lila bangké kapanggih, koe noe agoesěp sésana oeroet boehaja.
  2. Tah éta kitoe pětana, tétéla gěs manggih boekti, saratna noe boga poetra, oelah salah nja miasih, ti waktoe moerangkalih, oelah rék koerang pangwoeroek, karana gěs sěpoeh mah, di woeroek gé tjarang hasil, gěs ngabadjoe kagoréngan kahadéjan.
  3. Rakět hésé di poekahna, djadi koelit djadi daging, sarta watěk kagoréngan, asal gěs madjoe sakali, sok hajang mindo děi, gěs mindo hajang mintěloe, tidinja katagihan, tě běnang di tjandět děi, nginoem madat asal tina panganggoeran.
  4. Maling tina karěsěpan, adjén sapésér sadoewit, maling ěndog maling hajam, lila-lila maling moending, kitoe watěkna dengki, asalna maling noe lěmboet, tangtoena