Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
48

ngagědéjan, mana koedoe éling-éling, lampah goréng oelah rék di mimitijan.

Tamat.



IV

DANGDANGGOELA.


  1. Dangdanggoela soeroep sarta manis, patoet pantěs kanoe rék di karang, djalma pitjantowěn hadé, salakoe lampah loeloes, tina miskin ngadjadi soegih, ti koering djadi ménak, saoemoer rahajoe, asal tina kawěkělan, katěměnan hadé lampah běrsih pikir, ahir manggih kamoeljan.
  2. Aja hidji djalma asal miskin, imah-imah di nagara Rěmbang, gawéna ngan koeli baé, tapi lampahna tjoetjoed, hantě aja djalan ka gigir, ngaran Marataroena, ajěna di tjatoer, Maratroena ngadjadi bas, boga bodjo, ka nji Baréh ngora gělis, asalna oerang Toeban.
  3. Tapi éta bogana ngan gělis, katjawadna awéwé moemoelan, sangěk ngějěk djěléh měténg, isoek-isoek di poepoer, los ka waroeng némbongkěn gělis, ka pasar pipidangan,