Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
50

bari oendjak andjoek, něpi ka témpona majar, ngagadékěn barang bandana salaki, hantě tolih poesaka.

  1. Maratroena asih doeméh gělis, nadjan kitoe kalakoewañana, ka nji Baréh sabar baé, djěng ingět dowa sěpoeh, di kawinkěn pada ker lětik, djěng dei Maratroena, rěměn boga oedoer, sabot kěr gěring manéhna, babandaän rědjěki þănangna koeli, méh béjak di djoewalan.
  2. Hidji mangsa karék hoedang gěring Maratreena nitén babandaan, béjak di djoewal di gadé, méh taja anoe kantoen, tě ngampihan doewit sadoewit, djěng hantě boga béjas, soemawana laoek, lalab ogé hantě aja, Maratnoepa ngěněs sadjeroning pikir, soesah mikiran lampah.
  3. Eker tina hantě boga doewit, toeroeg-toeroeg soesah boga hoetang, katjina toekang pak gadé, gěs naék opatpoloeh, djěng boengahna noe matak lěwih, pikiana Maratroena, sakalangkoeng bingueng, toeloej indit barangsijar, sědja koeli tapi karěpna tě hasil, tě manggih pagawéjan.
  4. Waktoe éta kabéb oerang boemi, kěr di boewat araja di sawah, di lemboer ker taja gawé, Marataroena loepeet, boeboeroehna hantě ngadjadi, djadi tambah bingbangna