Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
52

mikir-mikir lakoe, ngomong sadjroning pikirna, lamoen kijě tangtoe tambah-tambah miskin, těmahna karoeksakan.


106 Pamadjikan indoeng bapa aki, mowal aja noe méré kipajah, ngangkroek mowal manggih kédjo, djadi koe sabab kitoe, lėwih hadé kawoela indit, néjangan pagawéjan, ka nagara djaoeh, sanggěs kitoe toeloej moelang kaimahna sa datang-datang pok amit, kijě omongañana.


107 Pamadjikan kawoela rěk amit, barangsijar ka nagara lijan, réhna di dijě gěs wěléh, boeboeroeh hantě lakoe, soegan baé kaparěng manggih, pagawéjan koelijan, di ditoe di Dasoen, tatapi manéh mah tinggal, toenggoe imah rědjěng indoeng bapa aki, djěng ijě kris poesaka.


108 Tě di bawa koe kawoela indit, anggoer kadjén hantě sosoréñan, loemajan kěr baris gadé, ěkěr titilam ngandjoek, bisi hantě kaboro ngirim, doewit ěkěr balandja, wantoe tatjan poegoeh, tamba langlajésén pisan, njai Baréh ngawangsoel barina tjěrik, kakang rampes rék mangkat.


109 Sanggěs kitoe Maratroena indit, sakalangkoeng nalangsa pikirna, bari ragragan tjipanon, ngadjoegdjoegna ka Da-