Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
54

soen, katjatoerkěn baé gěs něpi, dina mangsa harita, kěr parěng di Dasoen, réja djalma njijén kapal, narėjangan koeli djadi toekang kai, Maratroena katampa.

  1. Djadi koeli kěnék toekang kai, opat baroe boeroeh sapowéna, Maratroena boengah haté, doewit běnang boeboeroeh, ngan di paké sawělas doewit, lima wēlas réjana, sésa ti sakitoe, di paké ngirim ka imah, kanoe mangkoek kitoe salawasna koeli, hantě paké pěrtjoemah.
  2. Maratroena djadi toekang kai, ĕnggěs měnang opat lima ahad, koe opséndérna katémbong, di gawé langkoeng soehoed, ěwěh pisan njimpang kagigir, djěng pagawějañana gantjang sarta aloes, ség di oenggahkěn gadjihna, sapowéna měnang dlapan poeloeh doewit, langkoeng soeka atina.
  3. Tina sabab Maratroena mikir, boga ěkěr naoeran hoetangna, ka tjina anoe baréto, katjatoer hidji waktoe, bas-bas kabéh kěr ěrěn ngopi, ari Marataroena, nijat rék kawaroeng, toeloej manggih hidji kitab, kitab letik moetoeh koe aloes téh těing, djilid di kěmbang-kěmbang.
  4. Éta boekoe di handapen kai, top di tjokot koe Marataroena, ség toeloej di boeka baé, di djro boekoe téh pinoeh, koe wang kartas salaksa rispis,