Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
58

sadoeloer, koela arék naros kaädi, éta pěrkara oewang koemaha nja maksoed, ngawangsoel Marataroena, karěp koela ijě wang salaksa rispis, di bikěn kanoe boga.

118 ngomong déi éta matros kėling, ih sampéjan naha bodo pisan, kěr naon di poelangkěn téh, lain gěs běnang nimoe, tina éta handapěn kai, djadi banda sampėjan, rasa koela kitoe, tjoba kijě ajénanah, éta doewit kartas noe salaksa rispis, doewakěn djěng kawoela.

119 Enggěs kitoe kakang rédjéng adi, oerang minggat ajéna ka Sělat, noempakan parahoe baé, mowal aja noe njoesoel, koenoe boga mowal kapanggih, ngadjawab Maratroena, éta lamoen kitoe, berang di séboetkén bangsat, toeloej ngamběk éta matros oerang Kěling, sarta djęng kijě pokna.

120 Maratroena manéh hantě wani, mawa doewit balajar ka Sělat dijěkěn koe aing baé, anoe sapoeloeh réboe, eker aing baé pribadi, bari njaboet kérisna, sarta njěkol saboek, tatapi Marataroena, ěnggěs jatna njékěl pětél taki-taki, kling di pěpěh lengěña.