Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
60
  1. Kěling loempat bawaning koe njěri, hěntě taban ka Marataroena, lěngěn noe di pěpěh képér, Maratroena ngadjoegdjoeg, ka toewaña djěng mawa doewit, kasampak toewan aja, toeloej di pioendjoek, ijě djisím koering toewan, ninoe hidji boekoe ti handapěn kai. soegan kagoengan toewan.
  2. Top di tjandak sarta di tingali ges tétéla jén kagongañana, toewantéh kalangkoeng kagét, raj pijas sarta njaoer, hé Mratroena ěnja noe kami, ragrag tě kanjahowan, tajoh tadi oetjoel, basa kěr kami mariksa, pagawéjan kabéh toekang-toekang kai, di djro boekoe wang kartas.
  3. Éta oewang di trimana tadi, djoemlahna téh salaksa roepija, tě koerang pisan sapésér, Marataroena matoer, toewan saé di itoeng děi, bisi wang éta kirang, toeloej toewan ngitoeng, gěs di itoeng djědjěg pisan, hantě aja hidji lambar anoe lěngit, boekti kabéh doewitna.
  4. Maratroena tabé arék balik, kapondokna toeloej toewan mriksa, hé Mratroena kami kagét. manggih manéhna gěloet, redjeng kěling katéndjo tadi, tapi ti kaanggangan, tjik manéh ngawangsoel, éta koemaha sababna, anoe matak