Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
62

manéh téh taroeng djĕng kĕling, tjik ngomong saĕnjana.

  1. Maratroena ngawangsoelan dĕi, poerwa koering paséja katjida, djĕng oerang kapal kling matros, awitna rék ngawoedjoek, éta kĕling ka djisim koering, prakawis éta oewang, noe sapoeloeh réboe, karĕpna di bagi doewa, djĕng manéhna tatapi koe djisim koering, tĕ pisan di rĕmpoegan.
  2. Ĕnggĕs kitoe éta matros kĕling, arék néwak éta boekoe téja, maték kĕris djĕng molotot, karĕpna rék ngarĕboet, parĕng mawa pĕtél sahidji, pék di pĕpĕh lĕngĕn̄a, kĕrisna sĕg oetjoel, kĕling éléh sarta loempat, éta kitoe anoe matak djisim koering, paséja djĕng kling téja.


V

POETJOENG.

  1. Ladjĕng toewan opséndĕr kapal téh njaoer, hé Marataroena, manéh ĕnggĕs bakti gĕdé, krana lamoen lĕngit oewang noe salaksa.
  2. Ĕnggěs tangtoe kami mĕrĕn boentoelakoe, mowal bisa majar, ka éta bas-bas sakabéh, rĕdjĕng mowal bisa ngagadjih baroedak.