Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
64
  1. Koe prakara éta kami liwat soekoer, hé Marataroena, ajĕna panrima déwék, di oenggahkĕn djadi mandor panggĕdéna.
  2. Sarta gadjih saboelan̄a limapoeloeh, sadjaba tidinja, hé ijĕ Mratroena méré, kĕr manéhna saratoes roepija pérak.
  3. Rĕdjĕng dĕi koe kami anoe di maksoed, moegi Maratroena, di tĕtĕpkĕn djalan hadé, oelah aja gindi pikir owah nijat.
  4. Tjoba lamoen doewit noe sapoeloeh réboe, noeroetkĕn kling téja, karĕpna di paling baé, ĕnja ogé bĕnghar tapi rĕdjĕng soesah.
  5. Saoemoerna tangtoena soempoet salindoeng, sijĕn koe noe boga, éta kitoe pĕtana téh, ajĕnamah doewit boga pikir sĕn̄ang.
  6. Djawab Maratroena langkoeng-langkoeng noehoen, aja sihing toewan, ka djisim koering noe bodo, ti baréto ngan piwĕlas linggih toewan.
  7. Rĕdjĕng dĕi simkoering manawi roedjoek, amit moelang hĕla, arék mapagkĕn poen bodjo, djĕng mitoha sapoeloeh powé lilana.