Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
66
  1. Toewan njaoer hé Marataroena soekoer, kami idin pisan, manéh téh gĕra djig baé, gĕra ala pamadjikan djĕng mitoha.
  2. Ĕnggĕs indit Marataroena ti Dasoen, tĕ kotjap di djalan, kotjapkĕn gĕs dĕkĕt baé, ka lĕmboerna kira ĕkĕr wantji isa .
  3. Maratroena kagét ngoeping noe ngagoeroeh, gamĕlan djĕng soerak, djĕng djĕlĕm̄a anoe nongton, toeloej asoep Maratroena ka lĕmboerna.
  4. Barang nĕpi Marataroena ka lĕmboer, néndjo djalma réja, kĕr ngararijoeng di balé, kabéh pada soeka-soeka dalalahar.
  5. Djĕng nji Baréh katéndjo aja di dapoer, djĕng awéwé loba, pada ĕkĕr di garawé, njisih masang kĕr ngarijoeng dalalahar.
  6. Maratroena toeloej njampĕrkĕn ka dapoer, manggihan bodjona, gĕs papanggih djĕng nji Baréh, toeloej Maratroena nanja ka bodjona.
  7. Hé nji Baréh tjik akang bédjaän atoeh, koemaha sababna, anoe matak ramé-ramé, rĕdjĕng kakang hantĕ pisan di bédjaän.