Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
68
  1. Nji Baréhtéh tĕ ngadjawab sarta toengkoel, rĕwasĕn katjida, réhna gĕs roemasa goréng, tjitjing baé bari tjĕrik sĕgĕgroekan:
  2. Maratroena soesahĕn hantĕ di wangsoel, tĕ mĕnang katrangan, toeloej indit ti dapoertéh, rék nanjakĕn katĕran̄gan ka paman̄a.
  3. Hantĕ lila djĕng paman̄a gĕs patĕpoeng, Maratroena nanja, hé paman sadkoela naros, lalampahan poen bodjo satinggal koela.
  4. Réhna koela salawas aja di Dasoen, hantĕ ménang bédja, lalampahan̄a poen bodjo, sarĕng éta anoe matak raraméjan,
  5. Moegi-moegi paman oelah rék salingkoeh, masing satĕrangna, tjat ka badé tjat ka goréng, soepajana koela oelah panasaran.
  6. Hantĕ lila paman̄a toeloej ngawangsoel, hé Marataroena, poma oelah lĕtik haté, lalampahan nji Baréh paman oeninga.
  7. Hantĕ aja tjidrana satoengtoeng ramboet, paman wani soempah, moen Baréh lampahna goréng, kitoe sotéh éta ngan bawaning boedak.