Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/74

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
70
  1. Rĕdjĕng dĕi salawas alo di Dasoen, ĕnggĕs rĕm̄ĕn pisan, didijĕ raraméjantéh, nabĕh pélog saléndro rijoen̄gan toewang.
  2. Sĕrta éta kĕris poesaka gĕs lapoer, ajĕna di djoewal, tiloe réjal hargana téh, rĕdjĕng hoetang nji Baréh ka tjina tambah.
  3. Ĕnggĕs djadi doewawĕlas réjal poendjoel, tatapi manéhna, ka alo tĕ pisan poho, bĕrang pĕting ngarĕp-ngarĕp alo datang.
  4. Djĕng koe alo bisi tĕ atjan ka maloem, ijĕtéh oeroesan, hantĕ salah di nji Bareh, anak dĕm̄ang Singajoeda noe nanjaän.
  5. Ĕnggĕs rĕmĕn nitahan̄ana ngawoedjoek, istri noe pĕrjoga, noe di titah ka nji Baréh, sarta mawa samping boewatan Samarang.
  6. Tatapina koe nji Baréh tĕ di goegoe, kabéh tĕ di tampa, paméré anak dĕm̄ang téh, da balikén dĕi kabéh ka noe boga.
  7. Sarta paman bisi padjarkĕn salingkoeh, soemangga mariksa ka djĕlĕma anoe sédjén, koe kabéh gé éta ĕnggĕs kaoeninga.