Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
72
  1. Maratroena ngawangsoel barina imoet, ih paman kawoela, gĕs tangtoe pĕrtjaja baé, mowal koengsi nanja dĕi ka noe lijan.
  2. Soekoer pisan éta paman lamoen kitoe, ari ajĕnamah, panijatan sadkoelatéh, éta pamadjikan rék di bawa pindah.
  3. Djĕng mitoha dĕi di bawa ka Dasoen, soepajana koela, di gawé diditoe djongdjon, pamadjikan djĕng mitoha ka rasan̄an.
  4. Sarta koela pĕting ijĕ mowal ladjoe, manantĕn trang manah, rék mondok didijĕ baé, paman̄atéh gawangsoel nja hadé pisan.
  5. Katjatoerkĕn Maratroena isoek-isoek, nĕpoen̄gan mitoha ĕdjĕng nĕpoen̄gan nji Baréh, gĕs patĕpoeng toeloej baé rasalam̄an.
  6. Saĕnggĕsna Maratroena téh patĕpoeng, toeloej baé nanja, hé bapa sadkoela naros, poen bodjotéh naon kalakoewan̄ana.
  7. Salawasna sadkoela aja di Dasoen, tatapi sadkoela, gĕs oeninga lakoena téh, hantĕ hasil di saoerkĕn dĕi pandjang.