Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/78

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
74
  1. Djĕngna dĕi ajĕna koela di Dasoen, bĕrĕkah adjĕn̄gan, gĕs aja sakintĕn baé, gadoeh gawé djadi mandor sakabéh bas.
  2. Anoe matak sadkoela ajĕna moendoer, nijat koela mapag, adjĕn̄gan sarang poen bodjo, soepajana karasan̄an koe sadkoela,
  3. Redjĕng kĕris sadkoela noe ĕnggĕs oetjoel, moen parĕng ajĕna, rék di bĕli dĕi baé, rĕdjĕng hoetang anoe doewa wĕlas réjal.
  4. Gĕnĕp réjal koe kawoela rék di taoer, ari satĕngahna, taoer koe nji Baréh baé, sabab bongan hoetang tĕ rĕdjĕng pĕrjoga.
  5. Mitohana ngawangsoel bapa téh rĕmpoeg, sarta atoh pisan, toeloej miwarang bébérés, gĕs sadija éntép-éntép kantoen boedal.
  6. Katjatoerkĕn Maratroena soeboeh-soeboeh, rĕdjĕng mitohana, soemawon̄a njai Baréh ĕnggĕs boedal ka Dasoen nijat ngoembara.
  7. Hantĕ kotjap di djalan̄a ĕnggĕs tjoendoek, toeloej Maratroena, njijĕn waroeng di Dasoen téh, méré modal ka bodjona titah dagang.