Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

WAWATJAN

DONGENG - DONGENG TOELADAN.



I

ASMARANDANA.

Kawoela ijě ngagoerit, lampah djalma noe oetama, noe pantės di djijen tjonto, poerwana di karang těmbang, soepaja tambah soeka, noe maos sarěng ngaroengoe, malar gampang ka hartosna.


1 Djěng soepaja moerangkalih, noe di adjar di iskola, tambah rěsép matja ngilo, tina rěsép djadi apal, ngalēngitkển basangkal, laoen-laoen gé katiroe, niroe lampah noe oetama.


2 Njingkiran lampah noe djoelig, nganggangan djalan tjilaka, milampah tindak noe hadé, doewanana lalawanan , tjara hiděng djěng bodas, éta tě běnang di seboet hiděng barěng rědjěng bodas.


3 Hadé goréng kitoe děi, tě daékén babarěñgan, pěrloe di manoesa kabéh, milih lampah kahadéjan, di ngaranan ihtijar,