Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
76
  1. Djĕng sadjaba dagang lalab ninoen saroeng, mori rĕdjĕng badag, kĕr baris djoewalĕn kénéh, hasilnatéh tjawisan naoeran hoetang.
  2. Katjarita nji Baréh ĕnggĕs prak ninoen, soemawon̄a dagang, lampahna gĕs hasil kabéh, saroeng pajoe lalab roembah raris pisan.
  3. Ĕnggĕs boga doewit ĕkĕr baris naoer, hoetangna ka tjina, nji Baréh téh liwat atoh, toeloej baé di taoerkĕn koe manéhna.
  4. Ĕnggĕs ngarti nji Baréh jén dagang oentoeng, toemoeloej dagangna, adatna noe moemoelantéh, ĕnggĕs lĕngit di ganti gĕtol daékan.
  5. Taja pisan nganggoernatéh saban isoek, gĕs tambah radjin̄a, sarta pikirna nji Baréh, Soepajana salaki tambah njaähna.
  6. Djĕng kasalahan̄ana anoe kapoengkoer, di pambrih pohona, anoe matak sakitoetéh, soemawon̄a étamah Marataroena.
  7. Djadi oenggal-oenggal powé pada madjoe, njijar ka hiroepan, ari éta njai Baréh, babakoena dagang tarasi djĕng minjak.