Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
78
  1. Maratroena djadi tambah-tambah oentoeng, ĕnggĕs djadi bĕnghar, tabah di pertjaja baé, koe sakabéh djalma di nagara Rĕmbang.
  2. Katjarita parĕng dina hidji waktoe, aja tjina ngandjang, ari ngarana tjina téh, oerang Lasĕm katĕlah babah Boenhowa.
  3. Toeloej ngomong hé Marataroena batoer, kawoela rék nanja, anoe matak kadijĕtéh, réhna djasad kawoela gĕs mĕnang bédja.
  4. Réh andika pagar soeka tjari oentoeng, djawab Maratroena, babah atoeh poegoeh baé, noe di sedja bĕrang pĕting hajang bĕnghar.
  5. Sabab lamoen bĕnghar koela bisa noeloeng, ka kabéh baraja, Anoe malarat noe bodo, koela ĕnggĕs tangtoe bisa ngarawatan.
  6. Ngomong dĕi Boenhowa soekoer moen kitoe, satĕrangna koela, anoe matak kadijĕtéh, arék nĕda pitoeloeng Maratroena.
  7. Saoepama Maratroena bisa noeloeng, pikarĕpĕn koela, mĕngké koekoela di béré, oewang kartas lobana saréboe pérak.