Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
80
  1. Gĕs kapikir koe Marataroena kitoe, karĕp éta tjina, ngomong sadjéroning haté, ijĕ tjina tangtoe goréng pangarahna.
  2. Mowal ĕn̄ja méré wang datang ka réboe, lamoen djalan trang mah, ĕnggĕs tangtoe lampah goréng, kitoe sotéh éta ngan djĕro atina.
  3. Maratroena ka tjina toeloej ngawangsoel, nijatna ngadodja, api-api noeroet baé sarta ngomong ka Boenhowa kijĕ pokna.
  4. Babah saé koe koela tangtoe di toeloeng, tapina kawoela, tĕatjan pisan mangartos, krana oewang saréboe ka sĕboet loba.
  5. Hé Mratroena oepama tatjan kamaloeun, pikarĕpĕn koela, dina powé isoekantéh, bakal aja prahoe top ti Sin̄gapoera.
  6. Sarta mawa sapoeloeh kati apijoen, rédjéng prahoe éta, ĕrĕn̄a di tĕngah baé, tĕ katéndjo koe djalma-djalma ti darat.
  7. Maratroena akal koela lamoen rĕmpoeg, ambéh tĕ katara, hadé pĕting-pĕting baé, koe sakabéh oepas, mowal kanjahowan.