Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/86

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
82
  1. Bĕdjĕng Maratroena téh toempak parahoe, sarta di moewatan, kai masing réja baé, api-api djoewalĕn ka dajĕh Rĕmbang.
  2. Ari ĕnggĕs Mratroena datang kaditoe, toeloej baé oenggah, ka éta parahoe toptéh, toeloej nĕda ka éta nangkoda kapal.
  3. Noe sapoeloeh kati réjana apijoen, lamoen ĕnggĕs bĕnang, éta apijoentéh kabéh, sampéjan téh koedoe gantjang dĕi moelang.
  4. Sarta kai noe tadi momot parahoe, koedoe gĕwat-gĕwat pitjĕn̄an didinja baé, soepajana di sĕboetkĕn gĕs di djoewal.
  5. Djĕng oepama apijoen anoe sakitoe, gĕs handjat kadarat, didinja Maratroena téh, koe kawoela di bajar saréboe pérak.
  6. Maratroena ngawangsoelna bari imoet, babah hadé pisan, isoekan koela bébéres, rĕdjĕng koela rék amit hĕla ka toewan,
  7. Poepoelihmah ka toewan rĕdjĕng ka batoer, rék ka nagri Rĕmbang rék ngadjoewal soeloeh baé, ĕnggĕs tangtoe ka koela toewan ngidin̄an,