Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
84
  1. Tapi babah panĕda koelatéh isoek, soepajana gampang, babah koedoe rĕdjĕng baé, ka parahoe top anoe aja di tĕn̄gah.
  2. Krana lamoen koela sorangan kaditoe, mowal di pĕrtjaja, di sĕboetkĕn akon-akon, éta kitoe noe matak koedoe djĕng babah.
  3. Boenhowatéh tĕ lila toeloej ngawangsoel, éh Marataroena, kitoe-kitoe ogé hadé, dina powé isoek oerang rĕrĕdjén̄gan.
  4. Ĕnggěs ngomong tjinatéh sĕg toeloej moendoer, ka Lasĕm imahna, balik gagantjangan baé, atoh pisan jén ĕnggĕs hasil maksoedna.


17

DOERMA.

  1. Katjarita sanggĕs moendoer éta tjina, Maratroenatéh indit. nijat ngadĕhĕsan, ka wadana didinja, soemĕdja arék poepoelih, lampah Boenhowa, njorang rarangan Goesti.
  2. Tĕ katjatoer di djalan̄a ĕnggĕs dongkap, kasampak ĕkĕr tjalik, di tĕn̄gah boemina, éta wadana téja, Mratroena