Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
86

gĕs katingali, toeloej di sambat, di piwarang ka boemi.

  1. Toeloej mriksa éta Rahadén Wadana, arék naon ilaing, hé Marataroena, sĕm̄oena roeroesoehan, kadijĕ bĕt pĕting-pĕting gĕra bébédja, poma sing gasik-gasik.
  2. Toeloej Marataroena mihatoer lampah, noen djoeragan simkoering, rék hatoer oeninga, réh gadoeh papanggihan, anoe matak pĕting-pĕting, nja ngadĕhĕsan, réh mĕndak tjina djoelig.
  3. Di tjarijoskĕn sakabéhna ti awalna, sarta dongkap ka ahir, jén kitoe lampahna, tjina ngaran Boenhowa, Radén Wadana gĕs ngarti toeloej miwarang njaoer oepas pĕrdjoerit.
  4. Katjarita oepas djĕng pĕrdjoerit datang, toeloej baé badami, Rahadén Wadana, rĕdjĕng Marataroena, rék nangkĕp tjina noe djoelig, ngaran Boenhowa, djĕng prahoena sakali.
  5. Sanggĕs toetoep badami Mratroena moelang, toeloej ti boemi indit, arék dangdan-dangdan, ngĕsijan parahoena, koe sagala kai-kai, gantjangna éta, parahoé gĕs di ĕsi.
  6. Tapi kahandapna hantĕ di ĕsijan, di hadja koe