Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
88

pĕrdjoerit, patjalang djĕng oepas, noe baris nangkĕp téja, toeloej Mratroena ngalahir, ka oepas-oepas, patjalang djĕng pĕrdjoerit.

  1. Hé sakabéh batoer gĕra pék ti hĕla, oelah aja noe kari, gĕra tata-tata, di djĕro prahoe majang, gantjang oepas djĕng pĕrdjoerit, ĕnggĕs taroempak, ka kapal njoempoet boeni.
  2. Kabéh oepas njoempoetna hantĕ katara, djoemlah éta pĕrdjoerit, patjalang djĕng oepas, doewapoeloeh lobana, kantoen Mratroena pribadi, anoe didarat, ngantos tjina noe djangdji.
  3. Hantĕ koengsi lila Boenhowa téh datang, néndjo ĕnggĕs tarapti, sĕm̄oe atoh pisan, toeloej Boenhowa nanja, Maratroena gĕs tarapti, atawa tatjan, ĕnggĕs mĕdjĕhna indit.
  4. Maratroena ngawalon ĕnggĕs sadija, oerangtéh kantoen indit, mangga atoeh babah, ĕnggĕs mĕdjĕhna mijang, toeloej Maratroena indit, rĕdjĕng Boenhowa lampahna gĕs lastari.
  5. Katjarita prahoe top ĕnggĕs ka tingal, oepas rĕdjĕng pĕrdjoerit, noe aja di handap, pada ĕnggĕs ijatna,