Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/94

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
90

kabéh ĕnggĕs taki-taki, lampahna kapal, katjatoer ĕnggĕs nĕpi.

  1. Prahoe Maratroena ĕnggĕs laboeh djangkar, goeloeng lajarna dĕi, Boenhowa gĕs oenggah, kana prahoé top téja, toeloej nangkoda maparin, hidji karandjang, koe Boenhowa di tampi.
  2. Toeloej baé di séléhkĕn ka Mratroena, koe Mratroena di tampi, di tĕndĕn ka sampan, toetoempakan manéhna, gĕs kitoe éta pĕrdjoerit, patjalang oepas, handjat taja noe kari.
  3. Kana prahoe top nangkĕp eta nangkoda, istriman djĕng kalasi, soemawon Boenhowa, djĕng kabéh noe di kapal, pada ĕnggĕs njandang talie ĕnggĕs di banda, si Boenhowatéh tjĕrik.
  4. Sarta ngomong hé Marataroena tjidra, kaniaja ka kami, handjakal katjida, kami téh rĕrĕmpoegan, naha tĕ njanatéh tĕing, kitoe atina, boro kami pasini.
  5. Maratroena ngadjawab ka éta tjina, Boenhowa montong tjĕrik, montong réja oetjap, da manéh ĕnggĕs salah, sanadjan manéhna tjĕrik, mowal di laän, ajĕnatéh koe kami.