Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/96

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
92
  1. Maratroena gĕs miwarang narik djangkar, bébér laja, sakali, prahoe gĕs loemampah, mawa babandon éta, sĕdja rék di bawa balik, gantjang lakoena, katjatoer ĕnggĕs nĕpi,
  2. Ĕnggĕs handjat éta sakabéh babandan, di iring koe pĕrdjoerit, patjalang djĕng oepas, ka pakoewan wadana gantjangna anoe ngagoerit, gĕs di pariksa, kabeh taja noe moenkir.
  3. Toeloej baé éta koe radén Wadana, di sanggakkĕn ka nagri, ngaran dajĕh Rĕmbang, tĕmpat ka Residen̄an pĕtana nja tjara tadi, rawoeh prahoena, di sanggakĕn ka nagri.
  4. Katjarita nangkoda rĕdjĕng Boenhowa , gĕs mĕnang hoekoem adil, anoe sapatoetna, katjatoer Maratroena, langkoeng-langkoeng mĕnang poedji, tina bisana, nangkĕp raran̄gan Goesti.
  5. Djĕng koe kangdjĕng Goevĕrnĕmén gĕs di gandjar, hidji sasapoetan kris, di trétés sosotja, langkoeng-langkoeng saéna, koe Mratroena gĕs katampi, langkoeng noehoen̄a, aja pérsén̄a Goesti.
  6. Kakotjapkĕn dĕi di bawahna Rĕmbang, roesoeh di