Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
8
  1. Kagoréngan mowal njijar děi, babakoena noe aja di oerang, noe mangka réja lalakon, kitab-kitab di tjatoer, noe di sijar éta pipinding, mindiñgan kagoréngan, oelah di pilakoê, nja hiroep di alam doenja, sing roemasa oerang di paparin rědjěki, nja hiroep gagadoeħan.

  2. Měngpěng hiroep mangkana prihatin, njijar sarat salaméting badan, hiroep dina alam ramé, mangka roentoet djěng batoer, papaharé njijar rědjěki, noe kolot akoe bapa, pantar pisadoeloer, sahandapěn akoe anak, ěnja, éta satégesna ngaran adil, hadé djěng pada djalma.

  3. Lampah hadé moen oerang tingali, sasanakan djěng sanak baraja, lakoena katémbong hadé, anoe koedoe di toeroet, di éstokěn mangkana djadi, ingětan sapandjangna, salawasna hiroep, adab ka iboe ka rama, malah mandar hadéna soegan kapanggih, manggih kasalamětan.

  4. Lampah oerang néjangan rědjéki, kasoesahan lamoen di barěñgan, koe pangdodowana kolot, tangtoe gampang katimoe, kabéh lakoe anoe di pambrih, njijar pangabisaän.