Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
12
    némbal wangsoelan noe aloes, ka sakétjapañana, di wangsoellan koe oerang téh kaoelanoen, basa oerang panghadéna, koemaha. noe djadi galib.


  1. Kagěnép prakara éta, mangka těměn enggoning milih-milih, noeroetken kersana sepoeh, sagala pagawéjan, sakoewatna toetoegkén mangkana toetoeg, tjoekoep pikérsaĕñana, oelalı moenkir soesah pikir.

  2. Oetjap léngkah mangka handap, katoedjoehna prakara soetji ati, masing resep sili toeloeng, oerang nja ngabatoeran, kasoesahna sakoer pagawéjan boeroe, sabab marga kahadéjan, pimargaen oerang moekti.

  3. Kadalapan prakarana, oelah pisan némbongkén hasěm boedi, éta di pajoeñěn sépoeh, tě ngěnah kamanahna, siga-siga di tingal sésémon poendoeng, oepama aja kahajang, hadé waktjakén sakali.

  4. Ari menang hanténamah, koema béhna darapon katingali, koedoe waktja noe saéstoe, salapan prakarana, oelah poeńdoeng lamoen manggih te panoedjoe, djeng sagala kalakoewan, koedoe njoehoenkén paidin.