Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
18
  1. Kadoega oerang noeloeñgan, nadjan hěntě aja panjambat děi, katéndjo gawéna pěrloe, ka pikarěpěñana, sanakbraja wadjib koe oerang di toeloeng, marga oetjap marga léngkah, oelah njaäh koe saětik.

  2. Kațiloe wadjib mindiñgan, wiwirangna sakoer anoe kapanggih, oelah di omong ka batoer, ka opat bisi aja, kasoesahna noe gaib, oelah di sěboet, di tjatoerkěn ka noe lijan, taja pédahna noe djadi.

  3. Kalima oepama měnang, dédéngéjan ti djalma anoe sirik, ngoepat-ngoepat lampah lakoe, éta oelah popojan, ka djinisna anoe di oepat koe batoer, kira-kira mowal matak, djadi kasoesahan diri.

  4. Ka gěněp lamoeña aja, batoer datang ngomongkěn dapon djadi, pikirna anoe di sěboet, di arah popojaña, papatjoewan di omong-omong ka batoer, gěs pon ka noe di oepatna, réh éta pitěnah sidik.

  5. Katoedjoeh moen aja bédja, réja -réja djalma ka batoer moedji, kalakoewan noe di sěboet, sagala kahadėjan, sanak