Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
20
    oerang anoe di sěboet koe batoer, gantjang-gantjang poepoelihan, soepaja ngěnahěn pikir.
  1. Kadalapan noe di tjēgah, lamoen sanak kěr ngomong oerang tjitjing, patjoewan patjampoer saoer, měgat-měgat kalimah, di déngékén di mana gěs toetoeg saoer, didinja gě wat wangsoelan, kitoe gé něda paidin.

  2. Kasalapan koedoe tjégah, oelah ngadoe omong sokpandjang těing, lamoen taja noe di maksoed, omong taja mangpaat, eta oelah lěwih hadé oerang oendoer, lěwih hadé sasaréjan hatan ngomong noe tě hasil.

  3. Sapoeloeh lamoen njaloekan, sambal ngaraña oelah di lain-lain, basa sieta siitoe, éta ka sadajana, pada djalma koedoe ngaraña di sěboet, moen tě njaho di ngaraña gantijan koe basa manis.

  4. Kitoe tata sasanakan, lamoen oerang hajang aja pangadji, hentě di oenghak koe batoer, koedoe oerang di handap, kabéh lakoe oelah ngagedékén tangtoeng, temahna mangka ka smaran, djadi asih noe niñgali.