Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
22

III

ASMARANDANA.

  1. Kasawělas moen niñgali, kahadéjan pasanakan, tatapi oelah pañgogo, mangka saěnja-ěnjana, ěnggoñing oerang gěrah, néndjo pagawéjan aloes, ngalém kahadéjañana.

  2. Kadoewa wělas moen manggih, pagawéjan anoe lijan, katémbong roepana hadé, pěrkara koekoerijakan, atawa pěpělakan, mangka réja poedji soekoer, njoekoerkěn ka goesti Alah.

  3. Katiloe wělas moen manggih djalma lijan panas manah, kapanggih kěr ngoepat goréng, gěwat-gěwat di omongan, tjarékoelah sok ngoepal, ěnggoning oerang soemaoer, rědjěng basa lělěs lijat,

  4. Kaopat wělas sing éling, ka sagala sasanakan, tapi rědjěng saoer saé, noedoeħan djěng pasindiran, atawa lisan oetjap, noedoeħan lakoe noe éstoe, gědé pisan mangpaätna.