Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
24


40 Koe batoer tatjan kapanggih, koe oerang gěs kanjahowan, éta wadjib mére njaho, soepajana di pilampah, anoe aja mangpaat, oelah di kandoeng di kiloeng, noe hadé wadjib bébédja.


41 Bédjakén ka noe tě ngarti, gés wadjib oerang ngélingngan, sakoer ka panggawé hadé, kalimawelas pěrkara, koempoelken katjělaän, kabeh noe djadi sadoeloer, tjatět kasalah hanana.


42 Méngké ahirna kapanggih, koe oerang di popojañan, sakoer lakoena tě hade, noe bareto gës katoekang, mangka djadi papatah, soepaja estoe muitoedoeh, djadi gede tarinana.


43 Kagenepwelasna déi, koedoe hade nja paneda , ka sanak baraja kabéh, ka noe deket ka noe anggang, soepaja sadajana, pada salamet rahajoe, sarta tjoekoep ridjěkina.


44 Katoedjoehwelasna dei, ari djeug sauak baraja. nadjan rědjěng dengen ogé, oelah plaken tjilaka poewas ka noe