Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
24


40 Koe batoer tatjan kapanggih, koe oerang gěs kanjahowan, éta wadjib méré njaho, soepajana di pilampah, anoe aja mangpaat, oelah di kandoeng di kiloeng, noe hadé wadjib bébédja.


41 Bédjakěn ka noe tě ngarti, gěs wadjib berang ngélingngan, sakoer ka panggawé hadé, kalimawělas pěrkara, koempoelkèn katjēlaän, kabéh noe djadi sadoeloer, tjatět kasalahhañana.


42 Méngké ahirna kapanggih, koe oerang di popojañan, sa koer lakoena tě hadé, noe bareto gěs katoekang, mangka djadi papatah, soepaja éstoe nitoedoeh, djadi gědé tarimana.


43 Kagěněpwělasna děi, koedoe hade nja paněda, ka sanak baraja kabéh, ka noe děkět ka noe anggang, soepaja sadajana, pada salamět rahajoe, sarta tjoekoep rědjěkina.


44 Kaloedjoehwělasna děi, ari djěng sanak baraja, nadjan rědjěng dengen ogé, oelah nědakěn tjilaka, poewas ka noe