Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
26


ker tiwas, aja, paribasa goenoeng, noe titělěm di simběhhan.


45 Kadalapanwelas déi, oelah njijen kasoesahan, tina sagala panggawé, di ambrih ngěnah haténa, sagala karep oerang, tanwandé di boeroe-boeroe, nadjan taja nja panjambat.


46 Kasalapanwělasna děi, di lahirken kaboengahan, noe mangka ngěnahěn haté, marga tina oetjap lampah, noe djadi pi wělasna, ěnggoning koempoel ngarijoeng, oelah njijar kagorengan.


47 Soepama měnang rědjěki, mangka aja kagěgělan, lain tina gěle-gědé, darapon aja boěktina, tandaning doedoeloeran, ěkěr kapaké saoemoer, salamět doenja ahérat.


48 Kaduewapoeloehna děi, oelah rék kapiliělaan, lamoen kakara katémbong, gěwat-gěwat oeloek salam, ti kadjaoehañana, pada madjoe prok patěpoeng, gěwat pada njijoen langan.