Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
28


49 Éta kitoe adab, arbi, tapi ari adab soenda, ngan ngabagéjakěn baé, toeroet koemaha adatna, hidji-hidji nagara, tapi poma oelah kantoen, adab koemaba adatpa.


50 Kasalikoer moen kapanggih, dina parijoengan djalma, oerang ěnggěs dijoek mantén, pasanakan njoesoel datang, lahana kěr dijoekna, lamoen gés sesek koe batoer, taja gěsan méré lahan.


51 Derang baé koedoe indit, oeroet oerang sok kadinja, oerang pindah ka noe sédjén, pindah ka noe rada lěğa, éta adab pertingkah, kadjěn oerang dapon batoer, noe ti panděri datangna.


52 Kadoewalikoer oepami, doedoeloeran datang ngandjang, ka imah oerang koe manéh, mangké dimana moelangna, indit ti imah oerang, barěngan waktoena nangtoeng, antěrkěn datang ka lawang.


53 Katiloelikoerna děi, tamoen aja kasoesahan, wadjibna méré bongbolong, oelah arék sili tanggap. soesah sili toeloengan, oelah rék parěboet saoer, wantoening para nonoman.