Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
52


da nijiar kabisaän, ihtijar panggawé wadjih, di mana oerang manggih, rědjéki atawa elmoe, noe aja mangpaätnna, sapamanggih sapamoekti, éta adah kitoe pikarépěñana.


58 Prak dei noe sasaoeran, djalan noe doewa pěrkara, awit noe gede akalna, tégés djalma noe bérboedi, lampah hadé tingali, éta mowal bisa roentoet, oepama ririjoengan, djếng djalma noe hantě ngarti, maksa ngomong ahirna djadi pa séja


59 Kadoewa prakara djalma, hadé roepa bado harti, hadé kalakoewañana, oelah arék wani-wani, hadé djěng djalma hidji, boga adat goréng saoer, noe goréng saoer teja, tě běnang di gilir-gilir, watěkna téh mawa, karěpna sorangngán.


60 Lamoen aja amarahna, tara mikiran ka gigir, tě ingět kana awakna, tě běnang di pinding-pinding, tapi lamoen gěs ririh, poendoengna toengkoel kadoehoeng, djalma kitoe adatna, oelah di lomaän těing, pikasijěn oelah arék di děkěttan.