Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
34


61 Nadjan hadé sakoemaha, ahir tangtoe manggih risi, adat watěk ati djalma, tě běnang di pinding-pinding, di hina ěnggěs lahir, napsoe amarahna biloe, sagoenoeng kahadéjan, kapanggih salah sakětip, katoetoepan kahadéjan saroepija.


62 Aja sabidji oelama, wěkas ka poetra lalaki, basa rék moelih ti doenja, agoes ama titip pikir, saětik mangka djadi, ingětan, sạoemoer hiroep, oepama sasanakan, milih djalma noe běrboedi, bisa héman ngarawat doenja ahérat.


63 Oepama di pibaraja, sědja éstoe sili asih, ngadjaga awak manéhna, kadoewa tě milih-milih, hadé taja pangambrih, těgěs toetoeg misa doeloer, enggon sili toeloengan katiloe soepama manggih, kakoerangan di tjoekoepan sa pandjangna.


64 Kaopat manéh moen boga, kahadéjan gědé lětik, di balěs saprajogana, kalima lamoeña manggih, néndjo panggawé hasil, kalakoewan manéh soekoer, kagěněp lamoen ningal,