Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
36


kagoráñgan manéh tjitjing, di toetoepan tě, di pilémék ka djalma.


63 Katoedjoeh lamoen manehna, pok ngomong salah saétik, di běběñěr pada pisan, djěng manéh lamoen badami, menta toeloeng saetik, pagawéjan anoe pěrloe, tangtoe gantjang toeloengna, rědjéng digawé pribadi, moen kapanggih pasája datang neloeñgan.


66 Tah sakitoe wěkas ama , lejangan masing kapanggih, sarehing ama té boga, kér titinggal ka noe kari, djaba sindir pangéling, tjěkělañěn maneh hiroep, ékěr salamět awak, noe mangpaät lahir batin, dapon njaho pisan hade djěng gorengna.


V

KINANTI


67 Aja děi noe misaoer, miwoeroek těmbang kinanti, adab rědjěng kawawoehan, rědjěng noe rěměn papanggih, sarěng djěng noe tě oeninga, anoe kakara papanggih.


68 Sabab tina marga oemoem, kalakoewan sili asih,