Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
38


panyahokěn, koe manéhna, djalma lampahna di bagi, di bagi tiloe prakara, saprakara noe di aşih.


69 Kadoewa rědjěng noe wawoeh, katiloe anjar papanggih, éta noe tiloe prakara, béda katingalna lahir, tina karéjaan djalma, adab rědjěng noe di asih.


70 Adab ka noe watěs wawoeh, réja-réja anoe djadi, mangka tjatjap kahadéjan, oepama tatjan kapanggih, adatna èta djělěna, wantoe noe tjarang papanggih.


71 Oeloh pisan-pisan loehoer, tingkah polah anoe djadi, tanda noe ngahina-hina, deeméh kakara papanggih, oelah rek dikira-kira, kahinaän anoe djadi.


72 Bihěng těing réja itoe, balan oerang nja pamanggih, sakoer lampah kahadéjan, di kasihna koe jangwidi, oerang oelah rék njatjampah, oelah di oengkoel koe wani.


75 Satěgěsna anoe ngelmoe, hantě kapanggih koe lirik; hantě kápěndak koe akal, djaba sěmoe noe di titik, tina päoetjappañana, kakara mangké kapanggih.


74 Djěngna děi oelah toendoek, manéh ka djalina sahidji,