Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
40


marga kaběnghařañana, sabab tina réja doeit, sabab kamoeljaäñana, bañgět ěnggon oerang bakti.


75 Rědjéng děi oelah poendoeng, lamoen aja anoe sirik, kadéngé njarékañana, njěla-njěla liwat saking, ka lakoe lampah manéhna, éta oelah di pidoeli.


76 Bisi aja noe ngagoenggoeng, djahna ti toekang ti gigir, ngalěm kalakoewan oerang, oelah boengah oelah sěri, di pariksa saěnjanana, kira-kira mowal djadi.


77 Sidik běñěr sapanggoenggoeng, oelah di pěrtjaja těing, pangalěmna anoe lijan, djěngna děi bisi-hisi, hatoer aja kasoesahan, sanadjan taja panawis.


78 Hadé oerang, lamoen noeloeng, kasoesahna gědé lètik, sakadar kawasa oerang, éta oerang koedoe éling, pikěn hadé ka harěpna, bisi mangké oerang manggih.


79 Kasoesah di toeloeng batoer, di bantoe di djadi-djadi, tjoekoep kana karěp oerang, oerang koedoe soetji ati, bangět narimakěñana, ti lahir datang ka batin.


80 Djěng bisi aja kaboetoeh, ménta ka djalma sahidji, di