Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
42


toeloengan, kasoesahan, kaparěng taja rědjěkî, tě měnạng paménta oerang, rědjěki kěr parěng sěpi.


81 Eta oerang oelah poendoeng, ngoeněk-ngoeněk dina pikir, gěléh sapėdah tě měnang, oelah di omongkěn déi, di tjatoerkén ka noe lijan, jén éta korét koe doewit.

VI

MIDJIL.


82 Rědjěng děi lamoen katingali, atawa tjarijos; kalakoewan kantja oerang hadé, mangsa éta orang koedoe moedji, Alhamdoelilahi, soekoer ka jang agoeng.


83 Rědjěng děi oerang lamoen manggih, djalma ngawon-ngawon, kagoréngan oerang di pilémék, ngoepat-ngoepat di poengkoer di gigir, aja noe poepoelih, oelah rék di dañgoe.


84 Saomongna oelah di piati, wantoe djalma séwol, sisirikkan gělěh ka pamaké, bawaning koe réja tjěgah těing, pikir djadi sirik, rék goréng di haroe.


85 Anoe kitoe éta kadjen těing, oelah rék di waro, sao mongna ingkěn tanggap baé, srahkěn baé ka Goesti noe