Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
46

oelah di pidoeli, singkiran sing djaoeh.

  1. Moen tě kitoe gěwat oerang bidjil, atawa pok ngomong, omong sedjen ngaganti noe goréng, éta anoe ngomong měngpěng tjitjing, mowal wani děi, ngomong hantě poegoeh.
  2. Oelah rěsěp ka djalma soemantri, anoe rèja omong, léléwana siga lěbé gědé, sok ngakoekěn jén manéhna matih, hadéna ngan lahir, di djrona bělěwoek.
  3. Sédjén děi soemantri djěng santri, géséhna katémbong, santri ěñja noe ațina saléh, ibadatna lain hajang kapoedji, hantě mambrih doewit, tě mambrih di goenggoeng.
  4. Ari djalma anoe sok soemantri, sěmoena katémbong, şok mihadé awak manéh baé, mikat kana hajang di asih, moen manggih noe harti, tangtoe tě di goegoe.
  5. Rědjěng oelah rěsěp ka noe pělit, noe salija omong, sapandjangna matak risi baé, ka noe kitoe oelah rék wani, nijatna sok djoelig, ngewoeh-ngéwoeh batoer.
  6. Lamoen aja prakara mimiti, anoe djadi tjonto, salawasna mowal djadi hadé, kasalahan sagědá sasawi, di tarima