Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
48

djadi, kalapa sahoeloe.

  1. Moen ka baloer nja kitoe téh těing, ngagogoréng angngot, ari moenggoeh kasalahan manéh, di cepat mah dosana sapasir, ěnggěs tangtoe moengkir, tarima sakoetoe.
  2. Éta sakitoe djaoehna tohid, berboedi djěng bodo, salamětna karadjěn baé, koedoe ngéléhan salasahidji, kakara rék rapih, hadé laoen-laoen.
  3. Pangabisa noe kakara bidjil, lamoen těgěs hadé, nadjan batoer pada njawad baé, montong kanděg mangkéna djadi, reja noe gés boekti, noe hadé sok madjoe.
  4. Tapi djalma anoe koerang mikir, tara pati bogoh, ka panimoe noe sédjén panastrěn, sok njatjampah njěboet mo djadi, mana koedoe soedi, ka panimoe batoer.

VII

POETJOENG.

  1. Lahir İmam Gadjali rahmatoelahoe, panghadéna lampah, nja éta noe hadé haté, daék noeloeng ka noe měnang kasoesahan.