Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
50
  1. Tapi aja djalma noe asal di toeloeng, tě boga tarima, noe asih di poelang goréng, anoe kitoe těgěs djalma salah tampa.
  2. Tapi kadjén manèh mah oelah kadoehoeng, réhna gěs noeloengan, tangtoe měnang balés hadé, ti Pangeran anoe adil sipat rahman.
  3. Tapi lamoen ka djèlma poegoeh sok kitoe, goréng tarimana, manéh hadé kapok baé, montong rěsěp ka djalma koerang tarima.
  4. Djěng noe kitoe oelah pisan hajang wawoeh, noe kitoe adatna, oelah koemawani hadé, bisi djadi kagoréngan di toengtoengna.
  5. Pikir hěla salawasna oerang hiroep, njijar kahadéjan, sapandjangna oelah wěléh, élmoe adab tatakrama pada djalma.
  6. Éta oerang saoepamana patěpoeng, rědjěng kawawoehhan, sanadjan djěng satroe ogé, oelah sédjén tingkah polah paoetjapan.