Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
52
  1. Hantě ragrag lamoen noe naék ngagapoej, éta oepamana, sapěrtina oerang ogé, tatakrama pěrtingkah ngasorkěn awak.
  2. Djalma anoe ngaroempak larangan ratoe, singkiran sing anggang, oelah wani-wani aprok, kahadéjañana mo toeroen ka anak.
  3. Hadé boedi oelah koemaki ka batoer, ka papada djalma, ahirna oepama déwék, djadi djalma njěkělan dina ěngahna.
  4. Karana pangandika na kangdjěng rasoel, kalakoewan djalma, éta anoe lěwih hadé, anoe bisa njitjiñgan těngah-těngngahna.
  5. Rědjěng déi oerang moen nándjo ka batoer, téndjo koe těñgahna, mata oelah koejoep-kéjép, rědjěng oelah néndjo ka gigir ka toekang.
  6. Lamoen oerang lěmpang saténgah loemakoe, oelah rék ngěrěñan, dina ěnggon djalma ramé, sabab eta didinja ěnggon pitěñah.