Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
58


127 Rědjěng děi oelah bogoh kana tjatoer, hikajat-hikajat, noe taja paédahna hadé, djadina ngan mégalomong noe sampoerna.


128 Rědjěng děi oelah rék tjatoer ka batoer, ngalěm pamilihna, di além hadé panggawé, kabisapa atawa sagala lamdah.


129 Éta anak celah di tjatoerkěn mashoer, kahadéjañana, éta gěs pitěnah gědé, ka bapana sarěng ka noe di tjarita.


130 Lamoen djalma rěměn koempoelan djěng batoer, sasaran nja awak, noe mangka djadi tě hadé, kadoewana batoer pada děkět sila.


131 Awak oerang bisi aja baoe-baoe, tina papakéjan, atawa ti badan baé, sabab késang noe mangka djadi lantaran.


132 Sétra badan tě koedoe-koedoe koe baloer, ngabrésihkěñana, koedoe koe déwék koe manéh, moen tě sétra tangtoe goréng kaamběna.