Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
60


133 Sabab baloer noe dékět mo daék noedoeh, goréng kaamběna ngan wates djro haté baé, mowal lisan anoe mangka koedoe sétra.


134 Gogorénging djalma lamoeña gěs baoe, kaämbě koe kantja, sabab djinisna tě titén, kagoréngan dina awakna sorangan.


135 Rědjěng déi saběnang-běnang di tjoetjoel, dina papakéjan, noe di paké sapopowé, langkoeng aplal lamoen sěngit kaämběna.


VIII

DOERMA.


136 Adab oelah réja těing ménta-ménta, di piradjěñan těing, lamoen kakoerangan, éta oerang moepakat, tatapi moen rěměn těing, djadi katjawad, gaib moenggoeh noe alim.


137 Rědjéng děi oelah bogoh ngadoe djalma, bisi katjingtjirihi, pitěmahěñana, ka pigoréng sorangan, taloeng-taloeng tě kapanggih, nja popolahan, di pimodal pangasih.