Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
62


138 Sa těgěsna séboet noe ngadoekěn djalma, datang ngomong ngětjéwis, ngoepat anoe lijan, di djijěn panganggoeran, tamba taja pikěn ngirim, rasa mokaha, toerta pitěñah djadi.


139 Tina ngoepat djalma marga kagoréngan, asal koerang rědjěki, tamba éra ngandjang, ngadatangkěn tjarita, loe majan djadi pangasih, poelang mahañan, běrkatna noe di ambrih.


140 Rědjēng děi oelah tjatoer kasoekěran, siga noe aja pambrih ngomong ka noe lijan, tjatjarita kasoesah, lamoen kira mowal wani, noetoep kasoesah, oerang noe djadi pikir.


141 Di tjatoerkěn mangka djadi njalijara, nadjan ais pagn-ngampih mowal bisa njěgah, djadi omong tě pédah, lěwih hadé oerang tjitjing, oelah bébédja, kadjaba kira wani.


142 Ngabélaän njoekoepan kasoesah oerang, wadjib koedoe di wisik, di penta toeloengna, kadjaba éta oelah, koe oerang di béré ngarti, bok njalijara, wiwirang kapělětik.


143 Sabab adab djalma rék méh gěs moepakat, rěsěp