Kaca:Wawatjan Petikan Bidajatoessalik.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
66


asih, tapi ka noe lijan, tingkah djéng paoetjapan, di paké ngěnakěn , saking koe héman, oelah di piparanti.


149 Éta těmah ligapěskěn awak sorangan, ěkěr mah njijar boedi, oelah sok di tjonggah, koe baroedak noe ngora, di pěrih soepaja adjrih, néndjo ka oerang, těgěsna oelah wani.


150 Měngké ahir sagalaning kahadéjan, sakarěp oerang djadi, běñěr pangnoeroetna, noe koedoe di lakonan, bangsa lisan bangsa ati, lampah badaña, enggěs ngarti pribadi.


151 Adab djalma noe gěs Doga tjětjěkělan, poma sing ati-ati, ěnggon koemawoela, sing saěnja-ěnjana, hadé goreng gěs kaharti, di papatahan babakoe anoe djadi.


152 Anoe djadi kaběrat awak sorangan, ěnggěs di bagi